Tuesday, August 1, 2017

ADAT ISTIADAT DINA KAWINAN ( Kawinan Sunda )



ADAT ISTIADAT DINA KAWINAN
PRA NIKAH
Ø  NANYAAN
Ø  NGEUYEUK SEUREUH
Ø  NGARAS 
Ø   SIRAMAN
Ø  SESERAHAN

PASCA NIKAH
Ø  SUNGKEMAN
Ø  SAWER PANGANTEN
Ø  NINCAK ENDOG
Ø  SIBANYO
Ø  MEULEUM HARUPAT
Ø  MEPEUSKEUN KENDI
Ø  BUKA PINTU
Ø  HUAP LINGKUNG
Ø  NGALEUPASKEUN JAPATI
Ø  MUNJUNGAN
Ø  MULUNG MANTU











Adat -Istiadat Pra-Nikah
Anu kagolong kana adat-istiadat saméméh kawinan téh nyatana ti mimiti ayana hiji kasapukan antara dua kulawarga (awéwé-lalaki) ti mimiti silih pikawanoh nepi ka detik-detik lumangsungna akad nikah.

Éta adat-istiadat téh di antarana nya éta, nanyaan/ ngalamar / tunangan, ngaras/ siraman, ngeuyeuk seureuh, mapag pangantén, jeung sérén-sumérén/sérén-tampi/ seserahan. Éta anu ditataan téh éstu di antarana baé, tapi ampir dina unggal acara kawinan sok dilaksanakeun. Tangtu baé loba kénéh adat-istiadat séjénna anu teu kasebutkeun, anu tangtuna baé di unggal wewengkon di tatar Sunda ieu éstu rupa-rupa, boh tata-pertingkahna, pakakasna, boh maksud atawa palasifahna.

Nanyaan
Anu dimaksud nanyaan atawa ngalamar atawa tunangan  téh intina mah nya éta muguhkeun pamaksudan antara dua beulah pihak/kulawarga hususna budak-budakna anu keur kaancikan sang déwa asmara téa, pikeun dikanyahokeun kumaha lajuning-laku satuluyna, naha ukur semet kaulinan atawa aya niat nepi ka jucungna pikeun ngarumahtangga.

Umumna prak-prakan nanyaan téh sok lumangsung di pihak kolot budak awéwé. Biasana kolot si budak lalaki datang nepungan kulawarga si budak awéwé geusan nanyakeun kumaha hubungan/papacangan antara si budak awéwé jeung si budak lalaki, kaasup sikep kolot-kolotna.

Demi pertingkahna éstu rupa-rupa, aya anu lumangsung sacara resmi/protokolér malah nepi ka tatanggapan hiburan sagala, aya ogé anu basajan/santéy itung-itung bari nganjang/silaturahmi baé, atuh dijerona antara ki sémah jeung pribumi téh éstu lumangsung obrolan anu biasa baé, henteu kawengku ku aturan protokolér jeung sajabana. Atuh ki pribumi ogé dina nyadiakeun atawa nyuguhan téh saayana baé.

Lamun geus aya kasaluyuan antara dua beulah pihakanana, biasana lian ti sacara lisan, pihak budak lalaki sok mikeun barang (umumna duit) minangka panyangcang anu méré isarat sangkan si budak awéwé téh ulah arék dikasasahakeun deui atawa lamun aya anu datang anu séjén ulah ditarima, sarta éta panyangcang téh mutlak hak pihak budak awéwé, turta lamun dina sajero saméméh nepi ka akad-nikah aya hal anu nyababkeun bolay (teu jadina) éta perjangjian utamana anu datangna ti pihak awéwé, mangka éta panyangcang téh ku pihak awéwé kudu dibalikeun deui sakumaha jumlah/harega anu kungsi katarima ku pihak awéwé baheula nalika nanyaan.

Lian ti éta, dina acara nanyaan ogé kiwari mah sok dilaksanakeun acara tukeur cingcin nyatana maké/masangkeun cingcin/ali kana ramo si budak awéwé-lalaki (biasana ramo jariji beulah kénca), atawa si budak lalaki wungkul anu masangkeun cingcin/ali dina ramo si budak awéwé, gumantung kasapukan jeung pangaresep séwang-séwangan. Ari waktu ti mimiti tunangan/nanyaan nepi ka prungna kawinan téa, aya anu mangbulan-bulan nepi ka mangtaun-taun, tapi aya ogé anu ngan mimingguan malah aya ogé anu samasakali teu ngalaksanakeun/ ngaliwatan acara nanyaan/tunangan heula, lagsung baé kana acara kawinan  (utamana anu geus kacida wanoh atawa dumasar tinimbangan séjénna).

Ngaras/Siraman
Kecap ngaras téh cenah mah asalna tina istilah ngaraas nyatana leumpang kukucuprakan dina cai déét semet mumuncangan. Dipatalikeun jeung ngaras dina kagiatan saméméh kawinan, pédah dina prak-prakanana aya kagiatan ngumbah suku (indung-bapa) nepi kana mumuncanganana. Sedeng disawang tina maksud atawa palasifahna nyatana mangrupa hiji tanda tur bukti babaktina anak ka nu jadi  kolotna. Umumna upacara ngaras ieu diteruskeun kana sungkeman, nyatana sungkemna anak ka  kolotna kalawan tujuan ménta hampura katut du’a ti nu jadi kolot.  Upacara ngaras ieu lian ti saperti tadi, aya ogé anu urutanana ditukeurkeun nyatana dimimitian heula ku sungkem, kakara ngaras (ngumbah suku indung-bapa).

Sabada ngaras jeung sungkem, biasana diteruskeun kana upacara siraman, nyatana ngamandian si budak nu rék panganténan téa.  Siraman ieu téh dilaksanakeun ku indung, bapa, nini, aki, katut anu séjénna, kalawan jumlah tujuh atawa salapan urang. Demi maksud jeung tujuan tina upacara siraman ieu nya éta utamana mah pikeun meresihkeun/nyucikeun tina sagala rereged dosa katut kagoréngan sangkan si calon pangantén téh nalika panganténan jeung dina rumahtanggana disalametkeun tur digampangkeun dina sagala urusanana.



Ngeuyeuk Seureuh
Seureuh aya dua rupa, di tingali tina urat-uratna, aya anu dina bagian urat tengahna téh nyambung jeung aya ogé anu teu nyambung (jigjag). Anu nyambung cenah sok disebut seureuh bikang/awéwéna sedeng anu jigjag sok disebut seureuh jalu/lalakina.

Ku kituna, seureuh remen ogé dijadikeun lambang pikeun gambaran lalaki jeung awéwé. Dina kagiatan nyeupah, racikan rupa-rupa bahan (seureuh, apu, gambir, saga, kapol, jeung sajabana) nepi ka bisa jadi hiji seupaheun anu “ni’mat” mangrupa gambaran ogé pikeun racikan rupa-rupa rasa sono, bogoh, timburu, nyaah, ambek, satia, jeung sajabana dina kahirupan rumahtangga. Ngeuyeuk seureuh mangrupa kagiatan ngaheuyeuk, ngolah seureuh jeung bahan-bahan séjén pikeun nyeupah.

Lian ti éta dina upacara ngeuyeuk seureuh ogé digunakeun pakakas/bahan séjén kalawan prak-prakan anu rupa-rupa luyu jeung lambang katut pamaksudanana. Saperti paripolah nutu maké halu dina lulumpang/jubleg/lisung, atawa ngaréndos sambeleun dina coét maké mutu, anu ngandung tujuan mangrupa papatah atawa pendidikan ka calon pangantén anu baris ngarumahtangga. Kacindekanana, yén ngeuyruk seureuh téh enas-enasna (intina) mah mangrupa atikan/pendidikan pikeun calon pangantén utamana anu patali keung hubungan husus salaki pamajikan (sapatemon), leuwih singgetna deui mah ngeuyeuk seureuh téh mangrupa atikan séks (sex education) pikeun calon pangantén.

Mapag Pangantén
Dina pamahaman kiwari, anu disebut upacara adat téh leuwih dihususkeun kana upacara adat mapag calon pangantén (lalaki), anu umumna midangkeun Ki Léngsér saparakanca. Demi prak-prakanana rupa-rupa, gumantung pérsi, pangabutuh, katut tinimbangan séjénna. Tapi anu geus jadi pamadegan umum mah nyatana ieu upacara téh digelar pikeun mapag datangna calon pangantén (lalaki) katut kolot jeung rombonganana.

Dina ahir upacara, biasana sok digelar acara kalung manglé nyatana ngongkorongkeun manglé (malati meunang nguntun) ku kolot (indungna) calon pangantén awéwé minangka tanda narima, pangbagéa ka calon pangantén lalaki.


Seserahan
Upacara seserahan atawa sérén-sumérén atawa sérén-tampi, mangrupa hiji kabiasaan anu lumangsung dina poénan hajatan (umumna saméméh akad-nikah). Prak-prakanana, nya éta (1) pihak calon pangantén awéwé ngaliwatan kolot atawa wakilna nanya pamaksudan datangna rombongan sémah; (2) pihak calon pangantén lalaki (sémah) ngaliwatan kolot atawa wakilna nepikeun pamaksudanana; (3) pihak calon pangantén awéwé narima kana pamaksudan ki sémah (rombongan calon pangantén lalaki).

Kiwari mah bagian (1) sok cukup ku panata acara baé jadi si wakil ti pihak awéwé cukup sakali cumaritana, langsung baé ku panata acara (MC) téh dipasrahkeun ka wawakil ti pihak lalaki. Sarta geus jadi kabiasaan ogé, sabada éta téh sok dilaksanakeun nyérénkeun cinderamata sacara simbolis ti kulawarga calon pangantén lalaki ka calon pangantén awéwé, anu biasana sok dibikeun tur ditarima ogé ku indung-indungna calon pangantén. Tur sabadana éta, acara langsung diteruskeun kana acara utamana nyatana akad-nikah.

Adat Istiadat Pasca-Nikah
Upacara adat sabada kawinan ngawengku prak-prakan dina poénan nepi ka sababaraha poé, sababaraha minggu/bulan sabada hajatan (akad-nikah). Dina poénan akad, sabada akad-nikah-saméméh pangantén narima pangwilujeng ti para ondangan téh pikeun anu maké mah sok dilaksanakeun rupa-rupa upacara adat. Éta upacara téh di antarana sungkeman, sawér pangantén, nincak endog jeung sibanyo, meuleum jeung motongkeun harupat, meupeuskeun kendi, ngaleupaskeun japati, buka pintu, jeung huap lingkung.

Sungkem
Sarua jeung sungkem nalika ngaras, sungkem sabada akad ogé ngandung tujuan  pikeun ménta dihampura dosa ti kolot sarta sakaligus ogé ménta du’a restu ti anu jadi kolot (kaasup mitoha). Demi prak-prakanana umumna mah dimimitian ku pangantén lalaki anu sungkem ka indung-bapana, diteruskeun ka mitohana (indung-bapana pangantén awéwé) sarta unggal paripolah pangantén lalaki téh  dituturkeun ku pangantén awéwé. Tapi kiwari mah teu kurang ogé para pemandu upacara kalawan pola: pangantén (awéwé-lalaki) ka indungna séwang-séwangan,  terus ka bapana séwang-séwangan, diteruskeun ka mitoha (mitoha awéwé-mitoha lalaki). Sarta teu saeutik ogé nu dituluykeun ku sungkem ka kulawarga séjénna ninina, akina, uana, amangna, jeung saterusna. Sedeng tempatna, bisa di tempat nalika akad, atawa langsung dilaksanakeun dina korsi pangantén (pelaminan).

Sawér Pangantén
Kecap sawér asalna patali jeung hiji tempat anu disebut panyawéran nyatana tempat (di pipir imah) anu mangrupa tempat muragna cihujan tina kenténg. Pangna disebut sawér/nyawér téh pédah umumna ieu upacara dilaksanakeun dina panyawéran téa. Kecap sawér ogé sok dipatalikeun jeung kecap awér/awur; uwar-awér/uwar-awur, éta hal téh patali jeung prak-prakan nyawér nya éta ngawur-ngawurkeun pakakas sawér.
  Pakakas/bahan anu diawurkeun dina upacara sawér pangantén téh di antarana béas, duit, konéng, peremen (kembang gula), kembang, jeung tékték (seupaheun). Éta pakakas téh tangtuna baé lain asal bahan, tapi mibanda palasifah, lambang, atawa simbul anu tangtu. Ku kituna dina kamekaranana éta pakakas-pakakas téh teu kaci digenti ku bahan séjén.

Sacara umum upacara sawér pangantén téh maksud, tujuan, eusi atawa palsafahna nyatana mangrupa pituah/papatah, du’a  jeung pangharepan pikeun pangantén hususna, umumna pikeun sakumna anu nyaksian. Papatah-papatah éta umumna leuwih gampang kapaluruh dina rumpaka/babacaan sawér éta. Dina upacara sawér pangantén ieu, haleuang sang juru sawér éstu jadi hal anu teu bisa dipisahkeun. Teu kaasup nyawér lamun teu dimimitian ku haleuang juru sawér, anu eusina du’a jeung papatah téa. Sedeng rumpaka katut laguna beuki dieu téh éstu beuki jembar beuki euyeub baé. Lamun mangsa katukang mah sawér téh rumpakana winangun sa’ir (opat jajar-opat jajar) kalawan lagu anu basajan, kiwari mah apan éstu rupa-rupa pisan.

Mangsa ka tukang (baheula) mah nyawér téh leuwih ngutamakeun kana unsur rumpaka atawa eusi, kiwari mah éstu leuwih ngutamakeun genahna lagu/ haleuang juru sawér. Ku asupna pangaruh seni tembang (Cianjuran), ngabalukarkeun rupa-rupa rékaan dina sawér, boh lagu boh rumpakana. Minangka conto, di handap baris dipidangkeun hiji rumpaka sawér winangun pupuh sinom sarta biasana dihaleuangkeun maké lagu Téjamantri atawa Sinom Degung;



Sawér Pangantén
Waluyaning rumah tangga
sing manjing nyungsikeun harti
sing panjang metakeun léngkah
tarapti tur titih rintih
perenahkeun bagja diri
lumaku masing mituhu
mituhu ageman Islam
silih asih wening galih
runtut raut sabobot sapihanéan

Nincak Endog Jeung Sibanyo
Ceuk sabagéan pamadegan mah nincak endog téh mangrupa hiji simbol atawa perlambang tina dimimitianana prosés ngarundaykeun turunan. Endog anu digunakeunana nyatana endog hayam kampung anu hadé, anu mangrupa du’a jeung pangharepan sangkan pangantén nalika boga turunan téh nyatana ngalahirkeun turunan anu hadé, mangpaat keur diri, kulawarga, jeung lingkunganana. Lian ti endog hayam, anu sok milu atawa bareng dipeupeuskeun téh di antarana waé coét leutik jeung élékan (awi leutik kira-kira 15 sénti panjangna). Sabada nincak endog, dampal suku pangantén lalaki téh dikumbah ku pangantén awéwé maké cai nu aya dina kendi. Ieu hal téh mangrupa perlambang, tanda babaktina pamajikan ka anu jadi salakina.

Meuleum jeung Motongkeun Harupat
Harupat dibeuleum (diseungeut/dihurungkeun), ngahasilkeun seuneu nu mangrupa gambaran amarah atawa hawa napsu, éta seuneu téh ditiup ku duaan malah sok terus diasupkeun kana kendi anu dieusi cai. Ieu pertingkah téh mangrupa gambaran yén éta amarah téh kudu dikadalikeun. Réngré éta, harupat téh dipotongkeun, terus dialungkeun ka tukang. Harupat mah sipatna regas, teu leuleus/liat cara nyéré atawa hoé. Harupat téh dina lebah dieu mah mangrupa gambaran goréng tina sikep/adat jalma anu sok gereges-gedebug, gampang tur gancang mutuskeun hiji pasualan tampa dipikir keula, keuna kana babasan getas  harupateun. Tah motongkeun jeung miceun harupat ieu téh mangrupa hiji perlambang miceun sipat getas harupateun éta, pikeun digenti ku sipat wijaksana, pinuh tinimbangan.


Meupeuskeun Kendi
Dina kahirupan rumah tangga, hal anu wajar lalmun aya pacogrégan/ pabéntrok kahayang antara salaki jeung pamajikan téh, ceuk paribasa ogé pan piring mah pakétrokna téh pasti jeung anu sa-erak atawa salomari, tara kabéjakeun sugan piring Bu eR-Té diadu jeung piring Bu Kades. Tapi sabisa-bisa éta pacogrégan/ pasualan téh bisa diréngsékeun/dibérésan ku duaan baé teu mamawa ka kolot jeung anu séjénna. Ngaréngsékeun pasualan éta ogé ulah dibarengan terus ku amarah, tapi diusahakeun ku cara-cara anu leuwih apik tur wijaksana. Éta paripolah kahirupan téh digambarkeun dina upacara meupeuskeun kendi anu dijerona dieusi cai gambaran tiis téa, babarengan salaki jeung pamajikan.

Ngaleupaskeun Japati
Pasangan nu keur silih pikaasih tur pinuh ku kasatiaan biasana digambarkeun ku manuk japati sajodo. Japati anu digunakeun dina ieu upacara biasana sajodo (jaluna hiji, bikangna hiji), ieu hal téh ngagambarkeun ogé hiji budak lalaki (pangantén lalaki), jeung hiji budak awéwé (pangantén awéwé) anu geus meujeuhna hirup mandiri, pisah ti nu jadi indungna. Ngaleupaskeun japati ieu mangrupa hiji simbul ngajurung-lakuna nu jadi kolot geusan ngaihlaskeun anu jadi anakna hirup mandiri jeung anu jadi buah haténa.

Prak-prakanana nya éta, si kolot (indung jeung bapana) pangantén ngajajar di hareupeun imah dibarengan ku pangantén (anak-anakna). Indung jeung bapana pangantén lalaki nyekelan japati jaluna,
sedeng japati bikangna dicekel ku indung jeung bapana pangantén awéwé. Sacara babarengan éta japati sajodo téh dileupaskeun. Hiji catetan, yén japati anu dileupaskeun téh kudu japati abu giras, ulah japati nu biasa aya di éta lembur.

Buka Pintu
Sabada upacara-upacara anu dilaksanakeun di luar wangunan, saméméh asup deui ka jero wangunan (imah atawa gedong jeung sajabana), dina  lawang asup sok lumangsung hiji upacara buka pintu. Dihaleuangkeun ku duaan (awéwé-lalaki) patémbalan, saperti dina sempalan rumpaka di handap;
Awéwé:          Na atuh éta téh saha
                        Ngetrok panto lain wanci
                        Nyémah dina lain wayah
                        Inggis teuing diri abdi
Lalaki:            Nu geulis bet lali deui
                        Apan urang tadi lawung
                        Dirapalan diistrénan
                        Mageuhan pasini jangji
Awéwé:          Naha leres engkang téh panutan rasa

Huap Lingkung
Huap-lingkung mangrupa hiji simbul kanyaah nu jadi kolot ka anak anu teu kahalangan ku pédah gedé atawageus  déwasa. Huap ti indung jeung bapa dina ieu upacara mangrupa cicirén huap pamungkas dina sipat/kaayaan anak lalagasan sarta mangrupa huap munggaran/mimiti mangsana si anak ngalaki-rabi.  Pikeun pihak mitoha, ngahuapan minantu téh mangrupa tanda pangbagéa ka minantu. Sarta huap lingkung ieu dipungkas ku silihuapan jeung silihinumanana pangantén anu ngagambarkeun mamanisna rumahtangga.

Dina huap lingkung ieu ogé sok dilengkepan ku pabedol-bedol bakakak (hayam), sarta babarengan ngégél bakakak. Cenah, saha anu meunang bagéan panggedéna, éta anu bakal gedé rejekina. Tapi najan kumaha ogé ajén kasauyunan, kakompakan dina rumah tangga, mangrupa hal utama anu jadi harepan pangantén kaasup kolot-kolotna.

Munjungan jeung Mulung Mantu
Sapoé, saminggu, nepi ka sabulan malah leuwih, sabada poénan hajat, masih kénéh aya upacara-upacara adat séjénna, saperti nu patali jeung acara munjungan katut mulung/ngunduh mantu. Munjungan umumna dilakukeun ku pangantén awéwé anu ngadatangan kolot katut barayana pangantén lalaki, sedeng mulung mangtu mah nyatana hajatan pikeun ngabagéakeun datangna sang minantu (awéwé). Tatacarana di unggal wewengkon téh tangtuna rupa-rupa, jawadah tutung biritna sacarana-sacarana. Sarta lian ti anu katataan di luhur tinangtu aya malah loba kénéh anu tacan kasebut atawa tacan kaguar.





SIMBUL / LAMBANG
PAKAKAS / ALAT DINA UPACARA ADAT KAWINAN

PAKAKAS
SIMBUL
UPACARA ADAT
SEUREUH
KADEUDEUH,  KACINTA
NYEUREUHAN
SEUREUH
AWEWE – LALAKI
NGEUYEUK SEUREUH
BEAS
KASUGIHAN
NGEUYEUK SEUREUH, SAWER
DUIT
KASUGIHAN
NGEUYEUK SEUREUH, SAWER
HALU
LALAKI
NGEUYEUK SEUREUH
LULUMPANG / JUBLEG
AWEWE
NGEUYEUK SEUREUH
SAMPING (7)
BUMI JEUNG LANGIT
NGARAS
PALITA / LILIN
CAHAYA KAHIRUPAN
NGARAS
KONENG
KAMULYAAN HIRUP
SAWER
PERMEN
MAMANIS HIRUP
SAWER
ENDOG HAYAM
TURUNAN
BANTAYAN
HARUPAT
SIPAT GORENG
BANTAYAN
COET, ELEKAN
AWEWE, LALAKI
BANTAYAN
KENDI
PATEKADAN
BANTAYAN
SANGU KONENG
KANYAAH KOLOT
HUAP LINGKUNG
BAKAKAK HAYAM
REJEKI
HUAP LINGKUNG
JAPATI
ANAK
NGALEUPASKEUN JAPATI


0 comments:

Post a Comment