Wayang
Golék
Dina taun 1583, Sunan Kudus ngadamel
wayang golék, maksadna sangkan tiasa di tonton ti siang teras janten maju di
Jawa Barat. Daérah anu mimiti kaasupan seni wayang golék nyaeta, Cirebon,
Bahasa anu digunakeunnana ogé masih kénéh nganggo Basa jawa. Téma anu mineng
disayagikeunna nyaéta ngeunaan kisah-kisah Wong Agung Menak anu gaduh
wasta-wasta saperti Amir, Amir Mukminin, Jayadimurti, Jayangjurit, Jayenglaga,
Jayengsatru, sareng wasta anu sanés na deui. Wayang éta dipikawanoh ku
Wayang Cepak. Dina taun 1808-1811 saparantos aya jalan pos anu diwangun
Daendels, wayang golék ngamimitian asup ka priangan ( Sopandi, 1984 : 70 ).
Basa nu digunakeun parantos ku basa sunda, ku kituna dina waktos itu mulai
seueur dalang saréng wargi/masyarakat anu mikaresep wayang golék.
Dina
jaman jepang, seueur jalmi anu sesah nyaksikeun pintonan wayang golék sabab
pamaréntah Jepang ngalarang supados teu aya pesta anu ngaliwatan ti tabuh 24.00
sedengkeun pintonan wayang golék téh meryogikeun waktos anu cekap paos. Dina
kaayaan sapertos éta, R.U. Partasuanda mecakan midamel wayang golék anu tiasa
di pentaskeun salami 3 jam. Kalawan diilhami ku pintonan sandiwara, anjeunna
midamel wayang model anyar teras dipikawanoh janten wayang modern ti dalang
generasi R.U. Partasuanda nepi ka taun 1980-an.
0 comments:
Post a Comment