Wednesday, November 30, 2016

Sajak Sunda ( Kertas )



Kertas
                                                          Kénging Aditia Gunawan

Pilakadar nilepan kertas jadi parahu
Masrahkeun angkleungna kana kamalir cai
Kana usum nu dideres cacarakan
Kana sawal nu mulangkeun ka sarakan

Pilakadar nilepan kertas jadi kapal
Masrahkeun apungna kana getas jangjang
Kana hiuk angin nu haroshos
Kana palintang pamayang

Pilakadar nilepan kertas jadi lain nanaon
Ngalakaykeun pirang-pirang kotrétan lawas
Katineung
Atawa urang teundeun
Panglawung urang kana paroman hujan poyan
Nu baseuh, haneut tur caang
Laju kuwung-kuwung ngalingkung
Mukakeun jalan

Atawa urang pasrahkeun
Gurat leungeun urang kana guguritan
Nu dianggit ti bentik langit
Sapadalisan-sapadalisan pangumbaraan

Atawa hatamkeun
Tadarus tineung kapipir gawir panungtungan
Matak lewang titinggalan

Kamelang kumelandang dina haté nu gundawang
Kainggis pras-pris jeroning jamparing girimis

Balabuh

Panjang sagara lir benang hideung nu dipentangkeun
Bulan ririyegan diwelah rayung-rayung pangpung
Ngigelan riak-riak cai nu halimpu
Ti jauhna, pangjugjugan mirupa guha
Dirungkup mangréwu cicika
Paeunteung-eunteung jeung sakeprut béntang na langit peuting
Manéhna laju ngélébétkeun layar bodas mangsa lawas
Nulad lambak nu ngadadak motah
Ngajugjug hiji basisir pigeusaneun sadrah .

0 comments:

Post a Comment